Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Naskah Panata Acara Ngawinkeun Basa Sunda

Assalamu'alaikum warrohmatulloh wabarokatuh
SimawarSaacana medar conto naskah panata acara ringkes atawa basa nasional na mah (Contoh naskah MC pernikahan singkat bahasa Sunda).
 
Sababaraha hal anu kudu kacekel ku patugas panata acara saméméh acara dimimitian, diantarana:
 
Ngaran awéwé jeung lalaki anu deuk dikawinkeun, ngaran dua pihak indung-bapana, patugas anu maca Al-Qur'an, ngaran lemburna, ngaran wakil anu deuk nyérénkeun jeung nu narima.
 
Nyuhunkeun perhatosan ka wargi sadaya, acara sérén tampi ayeuna badé dikawitan. Punten nyuhunkeun perhatosana.

Assalamu'alaikum warrohmatulloh wabarokatuh
الْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَنْعَمَنَا بِنِعْمَةِ اْلإِيْمَانِ وَاْلإِسْلاَمِ. وَنُصَلِّيْ وَنُسَلِّمُ عَلَى خَيْرِ اْلأَنَامِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمَّا بَعْدُ 
Alhamdulillahilladzii an’amanaa bini’matil iimaan wal islaam. Wanushalli wanusallimu ‘alaa khairil anaam, sayyidinaa Muhammadin wa’alaa aalihii wasohbihi ajma’iin, amma ba’du. 
 
Puji kalih syukur urang sanggakeun ka Alloh SWT miwah salam sinareng sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka jungjunan urang sadaya.
 
Ka nabi agung, nabi pamungkas di alam dunya ieu, Habibana Nabiyana Muhammad SAW, ogé ka sadayana kulawargana, teu kakantun ka para sobatna.
 
Mugia urang anu sami tumut manut, haat kana ajaranana kasinugrahan Asy syafa'atul udzma ti Anjeuna di yaumil ahir. Amin ya robbal 'alamin. 
 
Sateuacana simkuring milu nyaur numbu catur, medal carita salaku panata acara. Badé ngiring nyanggakeun pangbagéa ka sadayana anu parantos sami hadir di ieu patempatan.
 
Haturan wilujeng sumping ka sadaya, mugia rohmah, barokah kalayan maghfiroh salawasna dipaparinkeun ka urang sadaya. Amin ya robbal 'alamin.
 
Bilih badé hiburan heula:
 
Ku nyebat asmana Alloh SWT, Bismillahirrohmanirohim acara sérén tampi urang kawitan.

Anu ka hiji acara maos ayat suci Al-Qur'an anu badé didugikeun ku pangersa...(sebutkeun ngaran patugasna), haturan mangga nyanggakeun.
 
👉Hatur nuhun ka pangersa...(sebutkeun ngaran patugasna). Mugia fadilah sinareng barokah aosan ayat suci Al-Quran dipaparinkeun ka urang sadaya, hususna ka dua calon pangantén.
 
Anu ka dua acara nyérénkeun atanapi pamasrahan ti wakil atanapi sesepuhna calon pangantén pameget, anu badé didugikeun ku pangersa...(sebutkeun ngaran patugasna).
 
👉Hatur nuhun ka wakil atanapi sesepuhna ti calon pangantén pameget pangersa...(sebutkeun ngaran patugasna). Anu parantos ngadugikeun sagalarupi pamaksadanana.
 
Acara anu ka tilu, mangrupi panampian anu badé didugikeun ku wakil atanapi sesepuhna ti calon pangantén istri, pangersa...(sebutkeun ngaran patugasna).
 
👉Hatur nuhun ka wakil atanapi sesepuhna ti calon pangantén istri pangersa...(sebutkeun ngaran patugasna). Anu écés tur jéntré kadangu ku urang sadaya.
 
Wiréhna naon rupi pamaksadan anu didugikeun tadi ku wakil atanapi sesepuhna calon pangantén pameget parantos ditampi ku asta kalih. Boh tina cacandakanana komo deui jinisna calon pangantén pamegetna
.
Video Ceramah Walimatun Nikah : Syiar Islami Bandung 

Majeng kana acara anu ka opat, mangrupi acara simbolis sérén tampi, anu badé disanggakeun ku ibu ramana calon pangantén pameget ka ibu ramana calon pangantén istri.
 
👉Mangga ka ibu sinareng ramana dua calon pangantén dihaturanan kanggo pamasrahan sareng panampiana.
 
🙏(Dina acara ieu salian ngatur acara simbolis. Poma panata acara jeung nu liana mundur heula méré kasampetan ka tukang foto video keur ngaabadikeuna/ ulah ngahalangan tukang foto video karunya 😁)

Anu salajengna mangrupi acara nu dianti-anti pisan ku urang sadaya, utamina ku dua calon pangantén. Nyaéta acara ijab kobul akad nikah, anu badé dipingpin langsung ku patugas ti kantor urusan agama (KUA). Haturan ka patugas KUA mangga nyanggakeun.

👉Kasadayana wargi hayu urang sami nyakséni disarengan urang deudeul du'a mugia sagala rupina sing aya dina lungsur-langsar.
 
Ogé mugia dina rumah tanggana sing dijantenkeun kulawarga anu sakinah, mawadah tur warohmah. Amin ya robbal 'alamin.
 
🙏Ngawawar ogé saha baé anu  milu nyaksian acara ijab kobul akad nikah. Hal ieu ngeunaan syarat jeung rukun nikah, katartiban, khusu jsb.
 
Saperti di jero rohangan acara husus anu aya kapentingan wungkul, barudak ulah garandéng, hp disilent/pareuman, ulah keprok atawa surak sabada SAH-na Akad Nikah jsb.
 
👉Alhamdulillahirrobil'alamin, acara sérén-tampi sareng ijab kobul akad nikah ngadahupna Néng...(sebutkeun ngaran panganténa) sareng Cép...(sebutkeun ngaran panganténa) parantos réngsé kalayan aya dina kalancaran.
 
Urang du'akeun ku sadayana mugia dina ngarambah rumah tanggana sing aya kajembaran tina sagala rupina, pareng aya dina ridho Alloh SWT. Amin ya robbal 'alamin.
 
Simkuring salaku pangatur laku panumbu catur alias panata acara. Nyangakeun bobor sapanon carang sapakan. Hapunten tina naon rupi hal anu kirang raos sareng teu sapagogos kana manah wargi sadaya.

رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ 
Rabbana atina fiddunya hasananah, wa fil akhirati hasanah  wa qina ‘adzabannar
Tutup ku salam.

Kagegelan tanda 👉
Ulah loba teuing ngupas naon rupa anu dicaritakeun ku dua pihak nu nyérénkeun jeung nu narima. Bisi loba teuing nyonténg waktuna salian bisi "Pacorok Kokod" basa, nu béda alasna/hancengana.
 
(😀Komo ulah ditambahan dakwah deuih bisi méakeun waktu, apanan geus aya hancengana dakwah mah ku patugas KUA, Khutbah Nikah)

Urutan acara mangrupa acara utama wungkul, teu kaselapan acara tambahan. Kajaba saba'dana ijab kobul akad nikah bisa diteruskeun kana acara sungkeman nu wajib. Saperti ka indung-bapana pangantén jeung jeung nu aya didinya.
 
Mangga nyanggakeun conto naskah MC basa Sunda di luhur manawi aya guna sareng mangpaatna. Saupami badé dirobih deui ogé mangga. Da sagala rupina mung saukur conto, susuganan kaanggo.
 
Saupami kaanggo mah ulah hilap like jempol sareng saré 😂, éh share ngarah ka simkuringna sumanget ngadamel deui nu samodél kieu, cag.
Wassalamu'alaikum warrohmatulloh wabarokatuh