Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

NASKAH Serah Terima Pengantin Bahasa Sunda 2 Pihak

Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
Sérén tampi
Pidato atau sambutan ini dalam bahasa Sunda biasanya disebut sérén sumérén atau sérén tampi

Dan sambutan atau pidato (biantara) dari pihak pria disebut nyérénkeun (sérén - mikeun - menyerahkan).

Contoh di bawah merupakan sambutan singkat dengan tujuan memanfaatkan waktu utuk acara lain terutama akad nikah (apalagi jika acaranya disatukan dengan resepsi).

Atau untuk membedakan antara pidato sambutan serah terima pengantin dengan ceramah atau tausyiah. Untuk ceramah serahkan saja kepada petugas KUA dalam khutbah nikah.

Mengutamakan acara ijab kobul akad nikah lebih baik, apalagi sering terdengar bahasa candaan dalam serah terima pengantin sunda “Indit ba’da subuh datang kobla seubeuh - Berangkat setelah solat Subuh tapi datang sebelum kenyang/belum makan 😀”.

Baca juga
- Contoh teks MC atau naskah pembawa acara pernikahan
- Pidato singkat penyerahan pengantin pria bahasa Sunda (2)
- Teks pidato penerimaan pengantin pria bahasa Sunda (1)

1. Penyerahan
Teks pidato penyerahan pengantin pria bahasa Sunda
Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
Awali dengan ta’awudz dan basmalah, kemudian do’a mukadimah dan sholawat (bebas tergantung yang kita hapal).

*Cuma hanya saran gunakan do’a mukadimah dan sholawat yang pendek, karena pertimbangan durasi sesuai rundown yang biasanya tercantum sekitar 5 menit.

Saba’dana puji sinareng syukur disanggakeun ka Alloh SWT tina sagala rupi ni’mat-Na. utamina ni’mat iman sinareng ni’mat islam anu mugia salawasna dipaparinkeun ka urang sadaya.

Ogé Alhamdulillah ku kersa-Na, simkuring ayeuna miwah rombongan ti…(Sebutkan nama daerah asal) parantos dugi ka ieu wewengkon kalayan aya dina kasalametan. Sadayana mungguhing kersaning Alloh SWT.

Bapa-ibu ogé wargi sadaya, hususna sepuh-sesepuhna calon pangantén istri miwah kulawargina anu ku simkuring dihormat.

Teu hilap ka sadayana anu sami lenggah dina ieu acara utamina ka para ulama, ustadz-ustadzah, tokoh masyarakat, teu hilap ka pangurus ieu wewengkon anu sadayana hormateun simkuring.

Dina ieu waktos simkuring asmana sepuhna calon pangantén pameget nyanggakeun salam baktos. Nyanggakeun salam kawilujengan ka sadayana anu sami lenggah dina ieu acara.

Hapunten anu kasuhun tina sagala rupi kalepatan, bilih dongkapna simkuring saparakanca kirang sapagodos sareng manah wargi sadayana.

Maksad dongkapna simkuring saparakanca ka ieu wewengkon teu aya sanés, kumargi parantos nguping ti sepuhna calon pangantén pameget nyaéta saurna gaduh jangji anu tos pasini dina wanci kamari, boga carita anu tos kedal ti baheula.

Wiréhna saurna putrana Bapa…(Sebutkan nama Bapaknya calon pengantin pria) sareng Ibu…(sebutkan nama ibunya calon pengantin pria) anu wastana Cép…(sebutkan calon pengantin pria).

Saurna gaduh bébéndé haté anu matak hésé saré, boga mojang lenjang anu dipikahayang sanajan anggang nu remen ditéang. Nya saurna ayana di ieu wewengkon pisan.

*Agar komunikatif tanya dengan nada canda ke calon pengantin pria dan kalau calon pengantin wanita sudah hadir bisa ditanyakan juga pada keduanya.

Conto “Cobi Cép…(sebutkan calon pengantin pria), tingali heula naha leres ieu istri anu disebatkeun kamari téh?” tapi engké marios lengkepna mah saupami parantos akad nikah. Ayeuna mah tingali wéh heula ti katebihan 😁.

Urang lajengkeun deui, maksad anu utami simkuring asmana sepuhna calon pangantén pameget dina danget ieu pisan.

Badé nyanggakeun di luhur sausap rambut di handap sahibas dampal. Nyanggakeun badan sakujur anu wastana Cép…(sebutkan nama calon pengantin pria).

Kanggo ditikahkeun dinten ieu pisan ka Néng…(sebutkan nama calon pengantin wanita). Disarengan nyanggakeun cacandakana sok sanaos mung saukur hatur lumayan.

Mugia wargi sadaya utamina ibu-ramana Néng… (sebutkan nama calon pengantin wanita) aya dina ridho manah wening galih kersa nampi kana sagala rupi pamaksadana.

Mung sakitu anu kapihatur, ogé neda hapunten bilih simkuring dina cumarios aya basa anu kirang merenah kana manah bapa-ibu ogé wargi sadayana.

Urang pungkas ku kagegelan seni budaya sunda sareng du'a (sisindiran paparikan)
Kabita dodol tutungna
Wareg moal deui-deui
Nyarita taya tungtungna
Nya kitu kadinya deui
Conto séjén palih dieu:  Sisindiran serah terima pengantin
(Tutup dengan do’a dan salam).

Artikel menarik lainnya
- Contoh album magazine-kolase pernikahan
- Contoh album magazine-kolase Khitanan

2. Penerimaan
Teks pidato penerimaan calon pengantin pria bahasa Sunda
Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
Awali dengan ta’awudz dan basmalah, kemudian do’a mukadimah dan sholawat (bebas tergantung yang kita hapal).

*Cuma hanya saran gunakan do’a mukadimah dan sholawat yang pendek, karena pertimbangan durasi sesuai rundown yang biasanya tercantum sekitar 5 menit.

Parawargi anu sami lenggah dina ieu waktos, hususna ibu-ramana miwah sesepuh calon pangantén pameget. Ogé sadayana bapa-ibu, sepuh-anom murangkalih anu ku simkuring dihormat pisan.

Alhamdulillah, tadi parantos ka uninga ogé kadangu ku urang sadayana. Naon rupi pamaksadan ti calon pangantén pameget.

Anu parantos didugikeun ku sesepuhna kalayan écés jentré, taya tédéng aling-aling, bruk-brak éstuning malapah gedang. Kahartos pisan pamaksadana.

Simkuring asmana sepuhna calon pangantén istri sareng kulawargina, sateuacana ngahaturkeun wilujeng sumping kasadayana.

Wilujeng patepung lawung paamprok jonghok patepang raray, nyanggakeun pangbagéa kasadayana. Hapunten anu kasuhun tina sagala rupi lepat sinareng kakirangana.

Naon rupi anu tadi didugikeun ku sesepuhna calon pangantén pameget. Simkuring nyakséni kalayan kahartos pisan pamaksadana.

Saur paripaos anu sok didugikeun ki Dalang mah bingah amar wata suta, bingah ka giri-giri. Éstuning ditampi ku asta kalih, disuhun dina embun-embunan, ditampi sagala rupina.

Sami pisan ti simkuring ogé, bilih aya catur anu teu ka ukur, aya pasalia basa anu teu kahaja. Panyuhun panghapunten ti wargi sadaya, mugia Alloh SWT salawasna ngahapunten ka urang sadayana. Amin ya robbal ‘alamin.

Waleran sisindiran anu didugikeun ku sesepuhna pangantén pameget
Jambuna kakara kembang
Tangkalna aya duana
Tatamu mangga taruang
Hanjakal ngan saayana
(Tutup dengan do’a dan salam)
 
Hanya sebuah contoh yang jauh dari sempurna.
Jika tertarik dengan artikel seperti ini silakan like & share.
Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh