Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sisindiran serah terima pengantin

Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
Contoh sisindiran
Kalau Sisindiran pasti bahasa Sunda atau bisa disebut pantun Sunda. Maka penulis tidak memberi judul Sisindiran Bahasa Sunda.
 
Urang diajar nyieun sisindiran ngan ulah kasindiran, da ieu mah Sisindiran Seni Budaya Orang Sunda.

Untuk ketentuan (pakem) sisindiran silakan cari di sumber lain, tapi diantaranya adalah harus empat baris kalimat (padalisan).

Tiap baris kalimat (padalisan) harus delapan suku kata (engang bukang éngang 😀).

Dan dua baris kalimat pertama merupakan kerangka/sampiran (Cangkang) kemudian dua baris kalimat kedua adalah isi (Eusi), kitu pami teu lepat saur para ahlina.

Iklan heula 👉 Khusus untuk oknum blogger duplikator atawa plagiator, bagusnya jangan asal kopi paste. Mari kita saling menghargai sesama blogger dengan mencantumkan alamat sumber artikel asli.

Soalnya bikin yang kaya gini téh sok rada panas mastaka, jaba hambur cikopi 😂. Termasuk artikel naskah pidato yang semuanya dibuat penulis orsinil lain meunang niron.

Mangga nyanggakeun
Japati mah lain puyuh
Ngalayang hiber teu reureuh
Indit mah ti ba’da subuh
Ngan datangna kobla seubeuh

Kabita dodol tutungna
Wareg moal deui-deui
Nyarita taya tungtungna
Nya kitu kadinya deui

Dilulur nganggo bangkuang
Bangkuang sagedé kentang
Sampulur salira lenjang
Pameunteuna hérang méncrang
 
Mikacinta Seni Budaya

Diuk genah dinu iuh
Sakapeung bari ngambekan
Diuk tungkul lain tunduh
Ngan beuteung kekerebekan

Jambuna kakara kembang
Tangkalna aya duana
Tatamu mangga taruang
Hanjakal ngan saayana

Mun guyang kudu di sawah
Ngala jaér maké wadah
Mun hayang hirup barokah
Sing loba méré sedekah

Nembé sakitu anu kapihatur sugan kapayuna katambihan deui. Mangga nyanggakeun mugia katampi ogé sugan mangpaat, hapunten tina kakirangana komo kalepatana. Salam baktos kasadayana.
Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh