Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Teks pidato penerimaan pengantin pria bahasa Sunda (1)

Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
Contoh Pidato
“Ngaléngkah ku hal sapira mungguhing jalma, sugan jeung sugan mangpaat keur diri malahmandar keur balaréa - Melakukan hal kecil menurut pandangan manusia, semoga bermanfaat untuk diri sendiri dan mudah-mudahan berguna juga untuk orang lain” 
 
Alhamdulillah, sambutan pembaca sangat luar biasa untuk contoh pidato bahasa Sunda yang sebelumnya pernah dibuat beberapa versi sesuai yang pernah digunakan penulis maupun yang baru dibuat sebagai contoh.

Di bawah ini dibuatkan kembali contoh teks serah terima pengantin bahasa Sunda khusus Pidato Panampian Pangantén Pameget, atau  Pidato Sambutan Penerimaan Calon Pengantin Pria

Bismillahirrahmanirrahim
Assalamu’alaikum warrohmatulloh wabarokatuh
Alhamdulillah wa syukrulillah wa sholatu wa sallamu ‘ala rasulillah sayyidina wamaulana Muhammadin wa ‘ala alihi wa shahbihi wa mawwalah, amma ba’du.

Sateuacana simkuring ngawaler naon rupi anu tadi didugikeun ku sepuhna calon pangantén pameget. Langkung tipayun urang sanggakeun puji sinareng syukur ka dzat illahi robbi, Alloh SWT.

Salam sinareng sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka Habibana Nabiyana Muhammad SAW. Kasadayana kulawargina, ka para sahabatna. Tug dugika urang anu sami tumut manut kana ajarana kasinugrahan safa’at ti anjeuna engké di yaumil ahir. Amin ya robbal ‘alamin.
 
Alhamdulillah, kana sagala rupi ni’mat anu parantos dipaparinkeun Alloh SWT. Utamina ni’mat iman sinareng Islam. Ogé Alhamdulillah ku tiasana urang patepung lawung paamprok jonghok patepang raray dina ieu waktos.

Disarengan tiasana patarémana dua panangan kalayan aya dina kalancaran sareng kasalametan. Mugia ieu sing janten salah sawios kani’matan nu parntos dipasihkeun ku mantena ka urang sadaya. Amin ya robbal 'alamin.

Saéstuna sagala rupina teu aya nu kaleresan, sanaos dinten ieu mangrupi nyumponan patali jangji anu kantos pasini ati antawis dua kulawargi, utamina calon pangantén sakalih.
 
Dokumen video Simawar Enterprise
 
Namung jalma saukur kagungan rencana, du’a sareng ihtiar sagalarupina mungguhing Alloh SWT anu ngersakeuna. Alhamdulillah ku kersan-Na ayeuna laksana.
 
Mugia rohmah, barokah sinareng maghfiroh dipaparinekun ka urang sadaya. kalebet ka dua calon pangantén. Ogé mugia kempelna urang di ieu patempatan sing kalebet silaturahmi. Amin ya robbal ‘alamin.
 
Bapa-bapa, ibu-ibu ogé sadaya rombongan anu ku simkuring dipihormat. Teu hilap ka para sepuh, tokoh masyarakat ogé réngréngan pangurus ieu wewengkon. Ka panata acara anu parantos maparinan waktos ka simkuring, ka para ustadz-ustadzah, alim ulama anu urang sami takjim ka anjeuna.

Hususna ka sepuhna ogé ka calon pangantén pameget, haturan wilujeng sumping kasadayana. Hapunten anu kasuhun tina samudaya kakirangan komo dina kalepatanana. Heug bilih kirang upami dina panampiana. Ampun paralun anu kasuhun ka sadayana.

Anu salajengna simkuring asmana kulawarga Bapa… (Sebutkan nama bapak calon pengantin wanita). sareng Ibu…(Sebutkan nama ibu calon pengantin wanita).
 
Ngupingkeun sareng nyakséni kana naon rupi anu tadi didugikeun ku sepuhna calon pangantén pameget. Ti kawit nyanggakeun cacandakanana dugika nyérénkeun jinisna calon panganténa.

Simkuring anu kapeto ku sohibul makosid, hususna ngawakilan calon pangantén istri anu wastana néng…(Sebutkan nama calon pengantin wanita), ngaraos bingah anu teu aya wates wangena.
 
Bingah tiasa kasumpingan tatamu anu sakieu hormateuna, ogé bingah wiréhna calon pangantén pameget parantos aya dipayuneun urang sadayana.
 
Saéstuna sok sanaos indit ngaligincing, datang teu jingjing teu bawa saur paripaosna. Eta mah sanés nu utami. Anu langkung utami mah sumpingna Cép … (Sebutkan nama calon pengantin pria), kalayan salamet.

Diréncangan anu aya dina lebet acingna hé hé hé . *) Hapunten bilih wéh badé ditambihan heureuy sakedik (Acing/ Lancingan= Celana Bahasa Indonesia).

Tadi kadangu ku urang sadayana, ti kawit dugika réngsé sepuhna Cép... (Sebutkan nama calon pengantin pria) cumarios anu sakitu écés jentréna.

Badé nyanggakeun cacandakana sareng jinisna. Simkuring asmana ibu ramana sinareng kulawargina, hususna Néng… (Sebutkan nama calon pengantin wanita).
 
Nampi kalayan kabingahan, éstuning disuhun dina emun-emunan ditarima pisan kudua dampal panangan tina naon anu tadi disanggemkeun.

Dokumen video Simawar Enterprise
 
Mangrupi pamungkas ieu carita, simkuring sakali deui neda dihapunten bilih kirang upami dina panampiana.komo deui tina kakirangan sinareng kalepatana.
 
*) Bilih luhur saur bahé carék, aya saur nu teu ka ukur, aya basa pasalia anu kirang merenah kana manah. Simkuring asmana pribadi sareng kulawargi calon pangantén istri nyuhunkeun disihapunten saageung-ageungna.
 
*) Bilih aya anu kasiku bujur, katajong bobokong, karumpak taktak, kaléngkahan manah. (Mung kedah ningali heula kana Sikon).

Mung sakitu anu kapihatur (Tutup Ku du’a sareng salam)

Hapunten kagegelan, saukur kamandangan simkuring ieu mah
- Sakaterang simkuring biantara sambutan dina nikahan mah osok jual meuli. Maksadna antawis anu nyérénkeun sareng nu nampi nyambung eusina, sanaos teu sadayana.
- Badé dipanjangkeun dipondokeun mangga, mung ilaharna osok kawagel ku waktos sareng acara liana. Komo saupami aya rundown acara, urang kedah ngiringan kana katangtosana, kitu panginten.
 
Demikian semoga bermanfaat, semua uraian di atas hanya contoh yang jauh dari sempurna. Beritahu saya jika salah agar segera dilakukan perbaikan.
Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh