Jasa Sedot WC Bandung

Ulah Hareup Teuing Bisi Tikusruk, Ulah Tukang Teuing Bisi Tijengkang

Posted by Deni Koswara on

Assalamu’alaikum Warrohmatulloh Wabarokatuh

http://www.mawarnada.com/
Ieu mangrupi kamandangan, mamanawian aya mangpaatna husus kanggo simkuring nyalira, umumna kanggo wargi sadaya utamina generasi Sunda kapayuna, urang Sunda pasti apal atawa pernah ngadéngé paribasa saperti judul di luhur, ngan teu saeutik anu can ngarti kana naon maksud éta paribasa.

Dimana, atawa kumaha cara makéna jeung kana masalah naon kudu ngalarapkeuna. Masalahna teu saeutik kusalah makéna éta paribasa, urang Sunda jadi katinggaleun tina sagala widang, alatan loba teuing kasieun jeung kahariwang.

Ieu mangrupa sababaraha conto anu sok aya di sabudeureun urang, diantarana:
- Leungitna pangabisa/kaahéngan/pangaweruh urang Sunda, alatan jalma anu bisana kaburu teu aya di alam dunya
- Kamotékarana embung katingali/kanyahoan ku batur, boga rasa sieun jeung hariwang anu kaleuleuwihan, antukna batur atawa bangsa deungeun ngaku-ngaku éta kaparigelan/pangabisa bogana atawa ciptaana.
- Sakapeung hiji pamingpin dipilih kualesan pangaruh turunan, umurna, ku banda pakayana atawa pendidikana wungkul. Teu maliré kana kamampuan dina cara mingpina, jeung anu liana boga rasa sieun, éra, kahariwang anu kaleuleuwihan atawa bisa waé teu dibéré kasempetan.
- Teu wani nepikeun hiji kamandangan alatan anu disinghareupana saluhureun umurna, pendidikana, banda pakayana, jabatana, miboga rasa sieun jeung éra.

Saéstuna satiap jalma dibéré kunu maha kawasa ku kakurangan jeung kapunjulana, komo di jaman kiwari anu cenah mah jaman moderen, jaman téhnologi ogé jaman démokrasi jsb. Sakuduna urang Sunda tandang makalangan ku kaprigelan, kamotékarna séwang séwangan, komo anu mangpaat jeung maslahat dunya aheratna. sor kadinyah, prung ah...

Ulah hareup teuing bisi tikusruk, ulah tukang teuing bisi tijengkang mangrupa kaati-atian jeung kawaspadaan dina kahirupan sapopoé, sariring dumading saringkah paripolahna. Anu teu weléh nincak dina kasaimbangan boh dina ucapan, sikep jeung lampahna ku ngajauhan ujub, riya jeung takabur dumasar sakabéh jalma sarua boga kapunjulan jeung kakurangan séwang séwangan.

Paribasa ieu ngandung harti anu sabenerna urang Sunda ngabogaan sikep Siger Tengah, anu dicokot dina basa Siger mangrupa hiasan dina mahkota pangantén atawa wayang wong, mangrupa simbul anu sakral, hirup ngahiji jeung pasangana, adil, ngajaga kahormatan jeung bijaksana dina sagala rupana.

Jadi ulah hareup teuing bisi tikusruk, ulah tukang teuing bisi tijengkang, ieu mangrupa cicirén Demokrasi anu sabenerna, cicing di tengah tengah lain ngandung harti CICING/JEMPÉ /HARÉ HARÉ /HAYANG NGEUNAH SORANGAN atawa teu kaditu-kadieu (Netral), tapi ngajaga kasaimbangan kapentingan keur sakabéhna dumasar kana kaadilan, kabijaksanaan keur ngajaga jeung silih hormat ogé ngajaga kahormatana. Jadi béda jeung sieunan, éraan atawa ujub, riya jeung takabur (Wani lain wanian, sieun lain sieunan).

Mung sakitu anu kapihatur kamandangan ti simkuring, hapunten anu kasuhun tina samudaya kakirangan ogé kalepatan. Lepatna éta tina kabodoan simkuring mugia saénggalna kersa ngalereskeun. Parantos waktosna urang Sunda tandang makalangan dina sagala widang luyu sareng kamampuana séwang séwangan kanggo ngaronjatkeun pangwangunan anu ayeuna dipayunan, hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum Warrohmatulloh Wabarokatuh

Previous
« Prev Post

Related Posts

20.00.00

0 komentar:

Posting Komentar

Koreksi atau saran silahkan masukan pada kolom komentar,mohon tidak mencantumkan link aktif