Sisindiran Paparikan Papatah (Piwuruk)
Assalamu'alaikum warohmatulloh wabarokatuh
Ceuk para ahli dina widang basa Sunda nu disebut sisindiran mah kudu murwakanti. Sisindiran cenah mah dibagi 3 nyaéta paparikan, rarakitan, wawangsalan.
Naon harti jeung bédana ?, mangga téorina mah néangan deui dinu séjén bisi panjang teuing pedarana. Bisi kaburu lieur macana 😁
Ieu mah sugan kaasup conto sisindiran paparikan papatah (piwuruk). Nu ngandung ciri basa teuaya nu dibalikan deui (diucapkeun deui), murwakantina ku (euh).
Sisindiran Paparikan Piwuruk (mapatahan/ngélingan/ngingetan)
Anaking ieu peupeujeuh
Hiji buktina kadeudeuh
Ulah loba gurah-geureuh
Lamun moal jadi peureuh
Kabatur ulah migeuleuh
Sing akuran jeung mideudeuh
Hirup kudu ieuh-ieuh
Lampah ulah siga careuh
Ieu mah pira pangjeujeuh
Lampah ulah geuleuh keumeuh
Najan hirup ukur meujeuh
Mangkadé Iman sing pageuh
Digawé di tempat baseuh
Momobilan henteu reureuh
Miboga imah nu pageuh
Gajihan duitna weuteuh
Islam ageman nu maneuh
Solat keureuyeuh nikreuh
Loba ngadu'a sing keukeuh
Salamet dikureb taneuh
Mung sakitu heula anu tiasa disanggakeun mamanawian aya anu kaanggo. Sugan kapayuna dikersakeun tiasa nambihan ku rupa sisindiran (pantun Sunda) séjéna.
Wassalamu'alaikum warohmatulloh wabarokatuh.