Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Dongeng Sunda HILEUD BULU Yasana Buyut Anom

Assalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh
HILEUD BULU
http://www.mawarnada.com
Baheula keur jaman werit, dahareun langka, sawah balangkar, hama mahabu, utamana hama hileud bulu.Juragan Karta jalma jegud, banda ngalayah, sawah upluk-aplak.Boga anak ukur hiji, awéwé, rupa geulis téés ti indung-bapa.

Nasib Juragan Karta teu béda ti nu séjén, hama hileud bulu ngaruksak tatanéna, paré di sawahna mimiti diserang.

Wera ningali kaayaan sawahna, juragan Karta susumbar awong-awongan."Sing saha baé jalma nu bisa ngabinasakeun hileud bangkar warah, mun lalaki ku kami rék dijieun minantu, mun seug awéwé rék dijieun anak..!" Kitu susumbarna di sawah.

Béwara ti Juragan Karta gancang pisan sumebarna.
Tilu poé ti harita, juragan Karta katatamuan ku lalaki, dedeg sampé rupa hadé. Pangawakan lir Arjuna. "Mun kuring bisa meruhkeun hama hileud nu ngaraksuk sawah agan, leres agan moal sulaya tina jangji?" ceuk éta lalaki bangun cangcaya. 


"Moal,kuring moal rék lanca-linci tina jangji nu geus diucapkeun!" Juragan Karta tandes.
"Sok sadiakeun sasajén,ké peuting ku kuring rék dipigawé nyieuhkeun hama hileud..!" ceuk éta lalaki. 


Sanggeus disaréatan ku éta lalaki, sawah juragan Karta mulus teu ditarajang deui hama, waktuna panén mucekil teu siga batur.
Cunduk waktuna Juragan Karta nohonan jangji, ngawinkeun anakna jeung lalaki nu geus nulung manéhna, pésta rongkah, sakalian kaulan duméh hasil panén medah-meduh.
Réngsé pésta, tatamu geus bubar, pangantén ngarampih ka enggon nu geus disadiakeun.

Juragan Karta masih ngobrol jeung garwana, ngobrolkeun minantu, reueus, keur mah tegep paroman soméah.

Baca juga yang ini
-Video Live Pencak Silat PPSI Sinar Pusaka Tunggal Ciseureuh Bandung 
-Video Pencak Silat HPSI Gadjah Putih Gemah Bandung

Ti jero kamar kadangu sora anakna aduh-aduhan,
Juragan Karta jeung pamajikanana ukur patingéléngéh.
"Tahan nyai nyeri saeutik mah wajar ari kakara mah kitu, sarua si Ambu gé kitu baréto..!" walon Juragan Karta bari ngarérét ka pamajikanana.
Lila-lila sora ti jero kamar anakna jempling,

Juragan Karta nungtun garwana ngampih ka kamar.
Juragan Karta hudang kabeurangan, gura-giru ka cai, anakna can kénéh katingali, ngeteyep ngadeukeutan kamar, sepi teu kadangu nanaon.
"Nyai.. nyai, harudang geus beurang..!" taya jawaban. 

Panto kamar dikonci. 
Juragan Karta gegeroan deui, angger taya jawaban. 
Tayohna pangantén talibra bakating ku capé. 
Panasaran, panto didobrak. 
Brak, panto muka. 
Gebeg, Juragan Karta kacida reuwasna.
"Astaghfirullooh... Nyai..!" les, Juragan Karta kapiuhan. 

Anakna kasampak tinggal tulang, gigireunana hileud bulu banding kasur keur ugal-ugil ngahakan sésa daging anakna.

Yasana Buyut Anom