Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Fiksi Sunda TEU PERCAYA AYANA GUSTI ALLOH

Assalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh
Fiksi TEU PERCAYA AYANA GUSTI ALLOH
Yasana Buyut Anom
http://www.mawarnada.comAcah Ming sapopoéna ngajar di hiji Sakola Dasar di kota Chan Shiyang.
Manéhna salian ti jadi guru, jadi kader Partéy Komunis nu kahot.
Hiji waktu Acah Ming nerangkeun ka murid-muridna ngeunaan hiji pelajaran nu aya pakaitna jeung tugas manéhna di partéy.
"Barudak perhatikeun ka ibu yeuh, naon ieu nu dicekel ku ibu?" 

Acah Ming némbongkeun kapur ka muridna.
"Kapur, bu..!" Murid-murid ngajawab réang.
"Katingali aya buktina ku hidep? " Acah Ming neruskeun pertanyaanana.
"Aya bu.. katingal..!" Barudak beuki réang.
Ningali murid-muridna daria,Acah Ming mingkin sumanget.
"Barudak jawab deui pertanyaan ibu,ari Gusti Alloh katingali teu..?"

Acah Ming mimiti nancebkeun pangaruhna.
"Henteu bu, teu katingal..!" Réang.
"Lamun Gusti Alloh teu katingali,hartina aya teu..?"
"Henteu bu,teu aya..!"
Ngadangu jawaban kitu ti batur-baturna,Rusdi Chen murid nu kawilang éncér uteukna maju ka hareupeun kelas. 

Acah Ming jeung murid-murid nu séjén patingolohok ningali kalakuan Rusdi Chen.
"Yeuh jawab pertanyaan kuring, ari uteuk ibu guru katingali teu?" Ceuk Rusdi Chen bari nunjuk ka Acah Ming.
"Henteu..!" Jawab murid-murid bari angger ngarasa anéh.
"Lamun uteuk ibu guru teu katingali, hartina ibu guru..."
"Teu boga otak..!" Jawab murid-murid réang,bari terus patingcikikik. 

Réngsé