Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Ucapan Lebaran Bahasa Sunda Dan Indonesia Terbaru

Assalamualaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

kata Bijak Idulfitri
Meminta ma'af dan mema'afkan seharusnya bisa kapan saja, tidak perlu menunggu Ramadhan atau Idulfitri (Lebaran).
 
Namun memanfaatkan suasana Ramadhan dan Idulfitri untuk menjalin kembali Silaturahim merupakan salah satu berkah dari Ramadhan dan Idulfitri   
 
 - Najan diri teu katingali, najan raga teuaya jirimna. Ati beresih jadi saksi, rasa karasa ngajadi rumasa. Meredih ku wening galih, mugia salira kersa ngahapunten kana hilap sinareng dosa jisim abdi sakulawargi. Haturan wilujeng Boboran Shiam 1442 H.

- Ayeuna waktu anu lugina, mangsa genah merenah tur tumaninah. Urang silih balubarkeun tina sagala rupi hilap sinareng dosa. Minal aizin wal faizin, hapunten lahir sinareng batin.

- Taqabbalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum. Ja’alanallaahu Minal Aidin wal Faizin. Jisim abdi sakulawargi neda dihapunten tina samudaya kalepatan Mugia urang sadaya kasinugrahan Rohmah sinareng Maghfiroh Alloh SWT. Amin ya robbal 'alamin.

- Taqabbalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum. Ja’alanallaahu Minal Aidin wal Faizin

- Kapihatur Apa sinareng Ema, sembah sungkem kapayuneun Apa sinareng Ema. Ieu ingkang putra badé wakca balaka. Ingkang putra rumaos seueur lepat sinareng dosa. Mugia Apa sinareng Ema wening galih ridho manah. Ingkang putra neda panghapunten tina lepat sinareng dosa

- Mugia Alloh SWT ngahapunten urang sadaya. Wilujeng Boboran Shiam 1442 H

- Maksad nyodorkeun dua panangan, kuperantawisan buana maya. Manah ngait ka Alloh SWT, anu boga urang sadaya. Neda panghampura anu diseja, mugia mantena ngahapunten urang sadaya. Wilujeng Boboran Shiam 1442 H.

- Meletékna panon poé anu ngahudang rasa. Rasa rumasa kuloba salah jeung dosa. Wanci anu pasti, mangsa anu sampurna. Urang silih balubarkeun salah jeung dosa. Mugia Alloh SWT ngahapunten urang sadaya. Taqabbalallahu minna wa minkum,Shiyamana wa Shiyamakum.

- Saéstuna Alloh SWT moal ngahampura, sateuacana patarémana dua panangan. Wening galih anu dipamrih, ridho manah anu diseja. Nyanggakeun dua panangan kuperantawisan buana maya. Hapunten anu kasuhun, tina samudaya kalepatan. Minal aizin wal faizin, hapunten lahir kalayan bathin.

- Bilih luhur saur teu ka ukur, ungkara basa teu merenah kana manah. Waktos anu lugina, kanggé silih balubarkeun salah sareng dosa. Wilujeng boboran shiam 1442 H.. Minal aidin wal fa idzin,
hapunten lahir sareng bathin.

- Hiliwir angin anu ngadalingding, ngahéar-héar ngahudang rasa. Rus-ras kana hilaf sareng dosa, mugia Alloh SWT ngahapunten urang sadaya. Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

- Bilih tutur saur nu teu kaukur, réka basa nu pasalia. Laku lampah nu teu merenah kana manah. Neda dihapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H

- Ngalayahna runtah kalepatan dina manah, nu kungsi ngusik nyeri peurihna ati sanubari. Mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H. Taqobalallahu minaa waminkum.

- Simkuring sakulawargi………………ngahaturkeun wilujeng boboran shiam 1442 H. Neda hapunten tina sagala rupi kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

- Neda ageung cukup lumur, neda panghampura anu diseja. Mugia salira kersa ngahapunten samudayaning kalepatan. Minal aidin wal faidzin,hapunten lahir sareng batin.

- Usik malik kersaning gusti ringkak polah Alloh SWT nu boga. Nyodorkeun dua panangan, neda panghapunten anu diseja. Mugia Alloh SWT ngahapunten urang sadaya. Minal aidin wal fa idzin,hapunten lahir sareng batin.

- Sumujud kanu agung, pasrah sumembah kanu kawasa. Usik malik kersaning Gusti, daya upaya Alloh SWT nu boga. Diluhur sausap rambut, dihandap sahibas dampal. Nyanggakeun sadaya-daya, anging Aloh SWT anu kagunganana. Minal aidin wal fa idzin,hapunten lahir sareng batin.

- Bilih aya jangji nu teu pasini, aya basa anu sok sulaya. Wening galih anu di pamrih, léahna manah anu diseja. Mugia kersa ngahapunten, simkuring sakulawargi. Wilujeng boboran Shiam 1442 H, minal aidin wal fa idzin neda hapunten lahir sareng bathin.

- Jumerit ati ka Gusti maha suci, sadrah sumerah kanu kawasa. Namprakeun dua panangan, nyuhunkeun panghampura Gusti. Wilujeng Boboran Shiam 1442 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum. Simkuring……sakulawargi.

- Wening galih anu di pamrih, jembar manah anu diseja. Bilih aya laku anu teu luyu, aya lampah anu teu merenah. Kasiku catur, katajong omong sinareng karumpak manah. Hapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

- Niti wanci anu mustari, ninggang mangsa anu sampurna. Waktos anu lugina kanggo ngabalubarkeun hilaf sinareng dosa. Simkuring neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiam 1442 H. Minal aidin wal fa idzin,neda hapunten lahir sareng bathin.

- Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna. Hayu urang sami-sami ngaberesihkeun rereged ati tina hilaf sinareng dosa. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

- Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala ménta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar matak raheut manah. Taqoballhu minna waminkum, taqobalahu ya karim.

- Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. Haté sanubari meredih kedah silih bébaskeun. Diri silih sucikeun, mugia urang sadayana janten jalmi nu taqwa. Wilujeung Boboran Shiyam 1442 H. Hapunten lahir sinareng bathin.

- Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa. Bréh bulan pangharepan geus lekasan poé fitri némbongan. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H. Neda dihapunten lahir sinareng batin.

- Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idulfitri. Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idulfitri. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H. Hapunten samudaya kalepatan.

- Laligarna taraté dina talaga haté. Nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten cicirén lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H. Taqqobalallahu minna wa minkum,Shiyamana wa shiyamakum.

- Batin nu usik nyaliksik diri. Bilih kasabit kaciwit ati, Karumpak ungkara basa, Kadudut kalindu qolbu. Mugia rido manah wening galih nu dipalar jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H, hapunten samudaya kalepatan.

- Ngahaturakeun Wilujeng Boboram Shiyam 1 Syawal 1442 H. Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku simkuring. Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan.

- Bilih aya langkung saur bahé carék, kaciwit kulit kabawa daging. Tunggul dirurut catang dirumpak, nyungkelit ati tugenah manah. Mudut pangampura, wilujeng Boboran Shiyam 1442 H.

- Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu diteda. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

- Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan. Ngan saukur bisa ngirim basa ngaliwatan buana maya. Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeung Boboran Shiyam 1442 H.

- Bilih kantos nyungkelit dina ati. Kasiku catur, katajong omong ku cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, kumargi jalmi mah moal leupas tina kalepatan sareng kahilafan. Jisim abdi sakulwargi ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H.

- Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda. Kana laku nu teu luyu, atawa basa nu sulaya. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

- Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu diseja. Mugia agung cukup lumur jembar panghampurana. Neda panghapunten samudaya kalepatan lahir tumekaning batin. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H.

- Mugi cukup lumur jembar pangampura. Bilih aya bobor sapanon carang sapakan. Neda dihapunten samudaya  kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H.

- Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama Islam. Marengan gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H, neda pangampura kasadayana

- Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda. Mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nu antukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma. Panyuhun dihapunten ka sadaya. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

- Kaluluputan kalelepatan simkuring sakulawargi, mugia sirna ku panghampura Gusti nu maha suci. Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H.

- Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama. Nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci. Hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H.

- Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah ngaraheutan manah. Neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.

- Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara satungkebing rasa.
Ngala ménta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar matak raheut manah. Taqoballhu minnawaminkum,taqobalahuyakarim.

- Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah. Di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin. Hayu urang mapag 1 Syawal 1442 H ku kabungahan tur kaikhlasan.

- Inggis catur teu kaukur, lampah lali nincak salah. Ti lahir dugi ka bathin, pamundut nu kapihatur ligar manah ku kaikhlasan. Tiasa ngalubarkeun tina sanés kanten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H, neda sihapuntenna.

- Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan. Minal aidin wal faizin.

- Taya basa nu bisa diréka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur. Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng Boboran Shiyam” neda dihapunten lahir tumekaning bathin.

- Bilih kantos kasisit ati sanubari, kapancah kaléngkah ucap. Kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten tina sadaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1442 H.

Ucapan Lebaran Terbaru Bahasa Indonesia
Mawar berseri dipagi hari
Pancaran putihnya menyapa nurani
SMS dikirim pengganti diri
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Jika hati sejernih air, jangan biarkan ia keruh,
Jika hati seputih awan, jangan biarkan dia mendung,
Jika hati seindah bulan, hiasi ia dengan iman.
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin

Melati semerbak harum mewangi,
Sebagai penghias di hari fitri,
SMS ini hadir pengganti diri,
Ulurkan tangan silaturahmi.
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Andai jemari tak sempat berjabat.
Jika raga tak bisa bersua.
Bila ada kata membekas luka.
Semoga pintu maaf masih terbuka.
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Gadis menyulam diatas kain
Seindah bunga dalam jambangan.
Walau hanya sms yg saya kirim
Serasa kita berjabat tangan tangan.
Minalaidzinwalfaidzin, mohon maaf Lahir dan Bathin

Sayup terdengar takbir berkumandang
Tanda ramadhan akan lewat
Ampunan diharap, barokah didapat
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Sebelum takbir berkumandang
Sebelum ajal menjemput
Sebelum jaringan over load
Ijinkan kami memohon maaf lahir dan bathin

Salah kata pernah terucap,
Salah sikap pernah terungkap,
Sembali fitrah selalu di harap
Selamat idul fitri 1442 H, minal aidin wal faizin.
Mohon maaf lahir dan batin.

Teriring gema takbir memuji kebesaran allah swt
Kami mengucapkan selamat hari raya idul fitri
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Satukan tangan, satukan hati
Itulah indahnya silaturahmi
Di hari kemenangan kita padukan
Keikhlasan untuk saling memaafkan
Minal Aidin Wal Fa Idzin,Mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Bila ada langkah membekas lara.
Ada kata menusuk sukma.
Ada tingkah menoreh luka.
Mohon di maafkan segala kekhilafan.
Minal Aidin Wal Fa Idzin,Mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Harta paling berharga adalah sabar
Teman paling setia adalah amal.
Ibadah paling indah adalah ikhlas.
Identitas paling tinggi adalah adalah iman.
Pekerjaan paling berat adalah memaafkan.
Mohon maaf atas segala khilaf
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Tiada kemenangan tanpa zikrullah
Tiada amal tanpa keikhlasan
Tiada ampunan tanpa maaf dari sesama
Minal aidzin wal faidzin, mohon maaf lahir dan bathin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Demikian semoga bermanfaat.
Wassalamaualaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh.