Lagu Kawih Kaulinan Barudak Sunda Jaman Baheula Kumplit

Posted by Simawar Enterprise on

Assalau’alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

Piraku teuing urang Sunda henteu reueus ku kaSundaana, komo deui mopohokeun kana Seni Budayana anu sakitu lobana. Sanajan tuntutan jaman anu kiwari gampang ngaruksak kana kaluhungana, kaahéngan Budaya Sunda boh tina lingkungan pergaulan, media informasi ogé anu manghanjakalkeun Urang Sunda ngahaja ngaleungitkeun jati diri kaSundaana boh tina Basa, kasenian komo deui tingkah polahna.

Ku hal ieu simkuring anu asli pituin asli turunan Ki Sunda, ngaraos ngagaduhan tanggelwaler dina ngamumulé seni Budaya Sunda luyu sareng kamampuan. Umajak kapalawargi sadaya hayu tanjeurkeun Seni Budaya urang, sanaos simkuring ogé tebih pisan tina adiluhungna Budaya Sunda. Namung tamada ka palawargi dina kakirangan, hapunten boh sok bilih seratan ieu tebih tina undak unduk Basana. Sugan inohong Budaya Sunda, akademisi Sastra Sunda kersa nyarungsum tina kalepatan ogé kakirangan.

Sok émut jaman kapungkur, rasa rusras wararaas ngimpleng dina kahirupan sapopoé keur leutik, boh tina kaulinan, kakawihan sagalarupina alami atanapi natural. Sapaertos anu ngahaja ku simkuring dikumpulkeun malah mandar janten pangémut ogé sugan barudak jaman kiwari wanoh komo kersa sareng prak-na.

Iue sadayana anu kalakonan ku simkuring, kakawihan sanésna mangga milari di blog sanés, ogé mangga aos posting anu sanésna dihandap, Mangga Nyanggakeun.
- Orang Sunda Wajib Berbahasa Sunda Tiap Hari Rabu
- Pupuh Sunda Lengkap Dengan Jenis Dan Contohnya
- Peribahasa Sunda Atau Paribasa-Babasan Sunda

Kawih Kaulinan Barudak Sunda Jaman Baheula :
Sur Ser
Sur sér sur sér, angeun aing acan asak
disuluhan ku kanyéré, kanyéré meunang meulahan
Meulahan ku péso raut
Péso raut gagang tanduk
dug dug bro dug dug bro
angeun aing gera asak

Tokécang
Tokécang tokécang Balagendil tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapariuk kosong
Hayang teuing angeun waluh
Angeun waluh di oncoman
Hayang teuing gera wawuh
Geus Wawuh rék di oconan

Cingciripit
Cingciripit tulang bajing
Cingciripit kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna
Jol Pa Dalang
Mawa wayang jrék jrék nong

Cingcangkeling
Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong Bapa satar buleneng

Jaleuleuja
Jaleuleu ja tulak tu ja éman, gog
Seureuh leuweung, bay
Jambé kolot, bug
Ucing katinggang songsong, ngék

Eunduk-Eundukan
Eundeuk eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Trang Trang Kolentrang
Trang trang koléntrang
Si londok paéh nundutan
Mesat gobang kabuyutan
Tikusruk kana durukan

Urang Arulin
Yu batur urang ulin ka Cibadak
Ah embung sieun badak nu kamari
Geus euweuh geus dibedil ku si Jendil
Ndil ndilong si Jending dirawu kélong

Bang Kalima-lima Gobang
Bang kalima lima gobang bang, Bangkong di tengah sawah, wah
Wahéy tukang bajigur, gur
Guru sakola désa, sa
Saban poé ngajar, jar
Jarum paranti ngaput, put
Puteri nu gareulis, lis
Lisung kadua halu, lu
Luhur kapal udara, ra
Ragrag di Jakarta, ta
Taun opat hiji, ji
Haji rék ka mekah, kah
Kahar tujuh rébu, bu
Buah meunang ngala, la
Lauk meunang nyobék, bek
Béker meunang muter, ter
Terus ka Cipatén, tén
Pena gagang kalam, lam
Lampu eujeung damar, mar
Mari kueh hoho, ho
Hotél pamandangan, ngan
Ngantos kanjeng dalem, lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

Punten Mangga

Punten, mangga
Ari ga, gatot gaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonténg asak
Ari sak, sakit perut
Ari ruj, rujak asem
Ari sem, sempal sempil
Ari pil, pilem ramé
Ari mé, méja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song… songsong lampu
Ari pu, puakpaok
Ari wok, ok berewok/Cenewok

Pérépét Jéngkol

Pérépét Jéngkol Jajaéhan
Kadempét Kohkol/tol Jéjérétéan

Ojok Ojok Uang Aung
Ojok ojok uang aung
Ngarorojok nu disaung
Ojok ojok undar andur
Ngarojok nu keur tandur
Ojok ojok umbet ambét
Ngarojok nu ngarambét
Ojok ojok uat-aut
Ngarojok nu dibuat
Ojok ojok ata utu
Ngarorojok nu keur nutu
Ojok ojok unggang anggéng
Ngarojok nu keur nonggéng
Ojok ojok ucad aced
Ngorojok nu aced acedan

Oél Olé Ogong
Olé olé ogong Melak cabé di Tarogong
Dihakan ku embé ompong
Ditéang kari sapotong
Au au éhéng Beuleum cau tutung géhéng
Embé embé domba
Anak sapi tutunggalan
Ema ema wéya Si Sahi kabuhulan
Hayang geura diinuman
Embé embé domba Anak sapi tutunggalan
Ema ema wéya
Si Sahi pupundakan
Ku baturna ditumbukan

Oray Orayan 1
Oray orayan
Oray naon, oray bungka
Bungka naon, bungka laut
Laut naon, laut dipa
Dipa naon, dipandeuri

Oray Orayan 2
Oray orayan luar léor mapay sawah
Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah
Mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi, anu mandina pandeuri

Bubulaoan
Bubulaoan Si semar maling gunting
Guntingna kabulaoan
Ta eem té eem
Sidakep bari balem


Ambil Ambilan

Ambil ambilan
Turuktuk hayam samantu
Saha nu diambil kami mah teu boga incu
Boga gé anak pahatu
Pahatu gé daék
Purah nutu purah ngéjo
Purah ngasakan baligo
Nyerieun sukuna
Kacugak ku kaliagé
Aya ubarna kulit munding campur dagé tiguling nyocolan dagé

Ayang Ayang Gung
Ayang ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

Aya Hiji Kurung

Aya hiji kurung
pinuh ku japati
japati kaluar
disada uok uokan
Alim karamana
alim ka ibuna
hoyong kaputrana
nu centik bulu socana

Tat Tit Tut 1
Tat tit tut
Daun kanyéré
Saha nu hitut budak awéwé
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut

Tat Tit Tut 2
Tat tit tut
Daun Kaliki
Saha nu hitut budak lalaki
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut

Gaduh Bonéka
Abdi téh ayeuna gaduh hiji bonéka
Teu kinten saéna sareng lucuna
Ku abdi dierokan erokna saé pisan
Sumangga tingali bonéka abdi

Bulantok
Bulantok bulantok bulan gedé bulan montok
Moncorong sagedé batok
Bulantok bulantok, aya bulan sagedé batok
Bulanting bulanting, Aya bulan sagedé piring

Mukakeun Lawang Angin
Pa Déong Pa Déong
Pangmukakeun lawang angin

Tongtolang Nangka
Tongtolang nangka
Kawinan bapa
Poé salasa
Teu béja béja
Aduh aduh si Bapa
Teungteuingeun ka Ema
Bapa mah suka suka
Jeuh nu ngora

Ucang Anggé
Ucang ucang anggé
Mulung muncang ka paranggé
Digogog ku anjing gedé
Anjing gedé nu Pa Lebé
Ari gog gog cungungung


Sigana masih seueur kénéh kakawihan Barudak Sunda baheula, namung anu ku simkuring dipedar didieu sabagian kakawihan kaulinan barudak anu aya di kampung Blok Pareman. Kapungkur Désa Cibaduyut Kecamatan Dayeuhkolot, ayeunamah janten Kalurahan Mekar Wangi Kecamatan Bojong Loa Kidul Bandung.

Ogé hanjakal kampung simkuring téh parantos kakuriling ku komplék Perumahan Mekar Wangi. Kamana sawah ogé balong anu upluk aplak, tangkal kalapa anu lobana, ngurek, ngobor belut, ngadu langlayangan. Duh matak waraas.

Salam baktos kasadaya wargi simkuring di kampung Blok Pareman ogé sadayana turunan Ki Sunda dimana baé ayana. Hapunten anu kasuhun tina sagala rupina.
Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh.

Sebelumnya
« Prev Post
Berikutnya
Next Post »

Artikel terkait

5:31:00 PM