Pupuh Sunda Lengkap Dengan Jenis Dan Contohnya

Posted by Simawar Enterprise on

Assalamu’alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

https://www.mawarnada.com
Tujuh Welas Pupuh
Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarékahan supados luyu sareng jiwa pupuh nu tujuh welas nya éta:
01. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
02. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
03. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
04. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
05. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah atawa kanyeri.
06. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
07. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
08. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun atawa kanyaah.
09. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
10. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
11. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
12. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes haté.
13. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
14. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
15. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.

https://www.mawarnada.com

https://www.mawarnada.com

Sabagian Contona:
1.PUPUH ASMARANDANA
(Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi)
PIWURUK SEPUH
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.


2.PUPUH BALAKBAK
(Ngagambarkeun heureuy atawa banyol)
DAYEUH BANDUNG
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku ram
é-arahéng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagr
éng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garand
éng.

3.PUPUH DANGDANGGULA
(Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan)
MILANG KALA
Dinten ieu
éstu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
k
énging kurnia ti Alloh,
r
éhing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu wel
éh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur t
éh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pang
éran.

4.PUPUH DURMA
(Ngagambarkeun rasa ambek, gede hat
é, sumanget)
LEMAH CAI
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.


5.PUPUH GAMBUH
(Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri)
KADUHUNG
Kaduhung saged
é gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.


6.PUPUH GURISA
(Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung)
SI KABAYAN
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.


7.PUPUH JURU DEMUNG
(Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan)
ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tar
ékah,
tinangtu mo bakal nanjung.


8.PUPUH KINANTI
(Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)
KANYAAH INDUNG
Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra t
éh didama-dama,
dianggo pupunden ati.


9.PUPUH LAMBANG
(Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun)
WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup ged
é di lautan,
kapitineung salawasna.


10.PUPUH LADRANG
(Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran)
MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.
 

11.PUPUH MAGATRU
(Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan)
KASAR - LEMES
Dupi irung lemesna t
éh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.
 

12.PUPUH MASKUMAMBANG
(Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hat
é)
BUDAK JAIL
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
r
ék hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.
 

13.PUPUH MIJIL
(Ngagambartkeun kasedih tapi ged
é harepan)
NUNGTUT ELMU
Najan cicing nya di tepiswiring,
kad
é ulah bodo,
kudu tetep nungtut
élmu baé,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.
 

14.PUPUH PANGKUR
(Ngagambarkeun nu ged
é ambek atawa nyanghareupan tugas beurat)
KA SAKOLA
Seja miang ka sakola,
r
ék diajar nambahan élmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku
élmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.


15.PUPUH PUCUNG
(Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hat
é)
TATAKRAMA
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.
 

16.PUPUH WIRANGRONG
(Ngagambarkeun anu kawiwirangan,
éra ku polah sorangan)
SIEUN DORAKA
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Bonc
él téa,
doraka ti ibu-rama.


17.PUPUH SINOM
(Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh)
TATAR SUNDA
Tatar Sunda
éstu éndah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.

Gapuraning Gusti, 1992.
Rumpaka Pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti, Sinom Tina Buku Wulang Krama karya Drs. R.H. Hidayat Suryalaga.
Sumber http://www.sundanet.com

Sebelumnya
« Prev Post
Berikutnya
Next Post »

Artikel terkait

10:54:00 PM