Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Ulah Hareup Teuing Bisi Tikusruk, Ulah Tukang Teuing Bisi Tijengkang

Assalamu’alaikum Warrohmatulloh Wabarokatuh

Pengantin siger
Urang Sunda pasti apal atawa pernah ngadéngé paribasa saperti judul di luhur, ngan teuing kumaha maksud jeung cara ngalarapkeuna.

Masalahna bisi alatan éta paribasa urang Sunda jadi katinggaleun tina sagala widang kusabab loba teuing kasieun jeung kahariwang.

Conto nu aya di sabudeureun urang, diantarana:
- Leungitna kamotékaran atawa pangaweruh urang Sunda, kusabab jalma nu miboga pangabisana kaburu teu aya di alam dunya.

- Kamotékaran atawa pangaweruh embung katingali atawa kanyahoan ku batur, boga rasa sieun jeung hariwang anu kaleuleuwihan.

Antukna batur atawa bangsa deungeun ngaku-ngaku éta kamotékaran atawa pangaweruh, boga maranéhna atawa hasil ciptaana

Di jaman kiwari nu sakuduna urang Sunda tandang makalangan ku kaparigelan, kamotékarna atawa ku pangabisana. Dina naon baé anu sakirana aya guna jeung mangpaatna, boh dina sosial politik jeung seni budayana jsb.

Mangrupa kaati-atian jeung kawaspadaan dina kahirupan sapopoé. Anu teu weléh nincak kana kasaimbangan boh dina ucapan, sikep jeung lampahna.
 
Ngajauhan ujub, riya jeung takabur dumasar sakabéh jalma sarua boga kapunjulan jeung kakurangana. Numatak urang Sunda teu weléh dépé-dépé handap asor atawa lungguh timpuh budi luhur

Paribasa ieu ngandung harti anu sabenerna urang Sunda ngabogaan sikep Siger Tengah. Anu dicokot dina basa Siger mangrupa hiasan dina mahkota pangantén atawa wayang wong.

Mangrupa simbul/ciri saperti hirup ngahiji jeung pasangana, adil kaditu-kadieu ngajaga kahormatan diri jeung wijaksana dina sikepna.

Jadi ulah hareup teuing bisi tikusruk, ulah tukang teuing bisi tijengkang nyaéta harti demokrasi anu sabenerna. Cicing di tengah-tengah teu mihak ka salah sahiji.

Baca juga
 
Lain ngandung harti cicing atawa jempé haré-haré hayang ngeunah sorangan atawa teu kaditu-kadieu (netral).

Tapi ngajaga kasaimbangan kapentingan keur sakabéhna dumasar kana kaadilan, kabijaksanaan keur ngajaga rasa jeung silih hormat ogé ngajaga kahormatana.

Jadi béda jeung sieunan, éraan atawa ujub, riya jeung takabur. Wani lain wanian, sieun lain sieunan. Sagala rupana nincak kana kuduna dumasar ku silih (Saling).

Intina dina mangsa kiwari lamu miboga pangaweruh atawa pangabisa sok gancang geura tembongkeun/tingalikeun. Tapi dumasar kana aturan ulah ngarumpak panyaramna.

Mung sakitu anu kapihatur kamandangan ti simkuring, hapunten anu kasuhun tina samudaya kakirangan ogé kalepatan, sagala rupina saukur kamandangan anu seueur watesana.

Parantos waktosna urang Sunda tandang makalangan dina sagala widang luyu sareng kamampuana séwang séwangan kanggo ngaronjatkeun pangwangunan anu ayeuna dipayunan.

Salam baktos, hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum Warrohmatulloh Wabarokatuh