Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Di Cerek Dongeng Basa Sunda Yasana Kang Dedih

Assalamu'alaikum Warrohmatulloh Wabarokatuh
http://www.mawarnada.com
Di Cerek
Geus ilahar kangaran di lembur, lamun aya nu hajat sok tatanggapan.
Aturanan sok nepi ka tujuh poé tujuh peuting.
"Yu ah! Cuang lalajo wayang!" ajak Juhdi ka balad-baladna nyaéta Kurdi, Badri, Jaja katut Dasim.
"Hayu!" témbal baladna méh bareng.
Bring arindit. 

Tuluy néangan tempat nu rada nenggang ti nu lian.
"Awéwé euy!" ceuk Kurdi.
"Mana?" tanya nu lian.
"Tuh!" Kurdi ngamonyongkeun biwir nunjukeun.
Enya wé teu jauh ti dinya, katempo aya wanoja, kabeneran ngarérét, kawas nu apal aya nu ngomongkeun. 

Belenyéh imut, luk tungkul tayohna éra pada melongkeun ku lima Jajaka.
"Geulis euy!" ceuk Badri.
"Sampeurkeun kadituh!" ceuk Dasim.
Silihsuntrung. 


Baca juga
-Pencak Silat Pusaka Sera Jawa Barat di Sekekuda Bandung 
-Pencak Silat Medal Budi Kancana Cijawura dalam acara khitanan
 
Antukna Juhdi nu pangwanianana nyampeurkeun.
"Nyalira waé Neng?" tanya Juhdi.
"Aéh..., sareng réréncangan tadi mah, ngan angkat duka kamana?" walon Si wanoja bari semu reuwas.
"Kenging Akang ngaréncangan? Nepangkeun..., Juhdi!" ceuk Juhdi bari ngasongkeun leungeun.
"Nani." témbal Si wanoja.
Gep, ter...! Aya nu ngageter kana haté Juhdi.

Uplek ngobrol ngalor-ngidul.
Nepi ka poho ka baladna.
Saha nu teu pogot atuh, ngawangkong paduduaan jeung nu geulis.
"Ih,kamana nya réréncangan téh, mangkaning tos wengi, kumaha abdi uih?" ceuk Nani.
"Wios wé atuh, keun pami teu kaabotan mah ku Aa dijajapkeun!" ceuk Juhdi nga-Aa keun.
"Kersa kitu A?" tanya Nani.
Juhdi unggeuk, dina haténa mah atoh kacida.
Tuluy duanana ngaléos, leumpang pagéyé-géyé.
"Nya...! Poho wé!" balad Juhdi patinggorowok.
"Ké la! Kadieu heula!" témbal Juhdi.
Rada jauh ogé imah Nani téh.
Tapi teu ngarasa capé.
"A, naha bet kersa ngajajapkeun abdi?" tanya Nani.
"Euh...euh.,saleresna mah ti ngawitan ningal gé, Akang tos resep ka salira téh. "témbal Juhdi semu éra.
"Leres A?
Moal kaduhung?
Pan abdi mah tos kantos rumah tangga." ceuk Nani bari luk tungkul.
"Teu sawios Neng, teu janten halangan perkawis éta kanggo Aa!" témbal Juhdi.
"Nuhun atuh A, pami kitu mah!" ceuk Nani semu bungah.
Bari nyepeng leungeun Juhdi.
Antukna silihtuyun.
Anjog ka imah.
"Hayu lebet heula." ajak Nani.
"Tos wengi teuing ah!" témbal Juhdi.
"Wios, da Mamah sareng Bapa tos ngantosan." ceuk Nani.
Bener wé, nalika asup, di imah geus nyampak kolotna.
Lain kolotna wungkul, dulur-dulurna gé aya.
Jeung hiji lalaki tengah tuwuh, nu singhoréng Lebé.

Réngsé